– balas bogo => kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas semu karadak.
– batuk gangsa => batuk lantaran aya gangguan dina bayah (tbc, jsb),
– batuk bangkong => batuk kosong.
– bisul => kasakit handapeun kulit, bareuh nu ngandung nanah sarta mataan.
– bisul beunyeur => bisul leutik, matana siga beunyeur.
– borok => raheut nu tuluy nanahan lantaran inféksi atawa radang anu pohara.
– botoleun => kasakit dina dampal suku, liangan.
– budug => kasakit kulit, baruntus atawa carénang, biasana ateul lantaran kuman.
– bungkul => sabangsa bisul ngan leuwih teuas.
– cacar, kuris => kasakit kulit nu babari tépa.
– cenang => sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan,
– conge => kasakit jero ceuli, kaluar nanah.
– éwateun => kasakit kulit, warna semu beureum ngageblég, karasa ateul, renyem.
– geregeseun => kasakit nyeri kiih, upamana dilantarankeun ayana batu dina jero rarangan (kencing batu).
– gondok => kasakit dina beuheung lantaran kurang yodieum, siga bareuh ngagandoy, tumerapna sok nahun.
– gondongeun => kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila, biasa disebut panyakit anjing, sok diubaran ku bulao.
– hapur => kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakésangan, babari tépa.
– hapur kembang => hapur nu bodas katenjona, bisa diubaran ku daun laja.
– hapur beusi => hapur nu leuwih kandel, hésé leungitna.
– hileudeun => kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku.
– jengkoleun => kasakit nyeri kiih lantaran loba teuing dahar jengkol.
– jangar, rieut => nyeri sirah jejeletétan.
– keremieun => kasakit ateul bujur lantaran cacing keremi.
– késrék=> kasakit kulit sapérti éksim garing.
– kokoloteun => kasakit kulit beungeut, semu harideung, lantaran kapanasan atawa wedak.
– leuncangeun => kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
– mejen => hésé ngising, kabebeng.
– mengi => asma, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama katiisan.
– mimiseun => kaluar getih tina irung lantaran sariawan, jst.
– muriang => awak panas-tiris lantaran katerap kasakit malaria, jsb.
– peujit koréseun => kasakit nyelengit beuteung lantaran telat barangdahar.
– reunghaseun => kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu upamana lantaran keuna ku geutah reunghas.
– rieut => nyeri sirah.
– rorombéheun => kasakit dina dampal suku pangpangna dina lebah keuneung, kulitna bareulah.
– sakalor => kasakit sarap, épilépsi.
– salatri => kasakit nu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur sebel, tor kaluar késang tiis.
– kalikiben => rasa nyeri dina jero beuteung anu sok timbul upama tas dahar (nginum) kagujrug-gujrug ku lulumpatan.
– salésma => kasakit irung, influenza, flu.
– sampar => kasakit nu babari tepa.
– sariawan => kasakit nu ngalantarankeun barusuh, lantaran panas beuteung.
– sumbilangeun => kasakit awéwé, nyeri pianakan waktu keur kotoran.
– tajam => diséntri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil.
– tampek => kasakit kulit, ateul semu panas, biasa tumerap ka budak.
– tibar => kasakit sarupa bisul, matana tujuh.
– turuwisen => kasakit sarupa cénang dina biwir panon.
– uuseupeun => kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy, aya useupan.
– wasir => ambéyen, nongtot bool.
– sisidueun => gangguan di jero dada lantaran katiisan nu nimbulkeun ceklak-cekleuk.
– jeungjeuriheun => kasakit nyeri kiih, cenah lantaran nginum cai nu can asak pisan.
– radang => kasakit kulit nu nanahan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar